Sunday, January 29, 2006

Wangsit Ti Prabu WastuKancana

Di kutip, tina SUNDA.NET

Wangsit Situs Astana Gede - Kawali, 18 September 1990


* Kula nu pada nareangan. Enya kula nu tandes menta ka Sang Rumuhun supaya Sunda hiji waktu bisa NENGTREMKEUN DUNYA.
* Ari ayeuna kieu kanyataanana, lain salah BATARA da tara cidra, ngan bae arandika kudu bakorban, nerang-nerangkeun SUNDA - SILIWANGI jeung PAJAJARAN. Marukan eta ngaran-ngaran teh henteu ngandung maunat? Marukan teu boga kakuatan eta teh?
* Teruskeun: Nu saurang ngocomang bae terus, sabab balarea ceulina sina ngareungeu, nu saurang terus bae ngabelel-belelkeun panon somahan, sabab keur ripuh dipeungpeukan ku sagala rupa nu matak henteu kapahayu. Nu saurang terus ngupah-ngapeh utun - inji, sabab kudu dibebenjokeun sangkan nyaho ka nu ENYA. Nu saurang ngurus miara sato-walungan-tegal, sabab eta oge perhiasan Sunda. Nu saurang teu eureun-eureun memener tingkah laku jeung paneuteup. Eta teh kudu saimbang – saraga- sanyawa, sabab ari wawaen teh GAPITAN tea.
* Ari samangsa-mangsa aya hahalang, tangtu bae, kapan ayeuna geus nembrak.
* SUNDA JA SABDA WAWANGI, tegesna SUNDA TEH SING ALUS NGARAN.
* Kanyataan nu peurih ayeuna eta jadi ciri ganti wanci. Tapi kudu karuat akar dirina, maksudna ulah baranggawe bari teu make titincakan, kudu apal liliwatan jaman. Terus bae terus nyieun tapak nyieun lacak.
* Muga karuat hate. Muga pigawe nu nyata nu aya dina Sanghiyang Lingga Wastu, eta amanat Prabu Diwastu.
* Kula marengan ka sugri anu rancage hate, rancingas rasa, nu beresih sanubarina.
* Kula marengan unggal waktu. Sarta arandika diawur rahayu ku para luluhur-karuhun.
* Ari perkara nu ayeuna, eta ageman masing-masing, prak susud sanggihaning tuhu.
* Ka sarerea nu aya di Dangiang Sunda pek lenyepan DASAPASANTA jeung PARIGEUING terus cekel jiwana SUNDA. Pek eceskeun! Muga percaya ka ENYANA.
* Ka sarerea tulis dina pikiran: "SUNDA"! (ku aksara Sunda Buhun).

No comments: